Naskah Kenging Ade Serli Meilani.
Anu judulna “KUALAT”
Nu ngalakon :
- Juragan Joko: Juragan Embe, Medit, sombong, ateul, teu sopan (Make Kaos Oblong di jas hideung make kopeah di calana panjang mawa sarung)
- Nyai : Pamajikana juragan, Medit, sombong, jendil, teu sopan (make baju kabaya tapi make calana seksi make tiung bari mawa kipas jeng kaca)
- Ema : Uwana Juragan (ngagantikeun indungna) ges kolot, jelma teu boga, lemah lembut. (Make baju kabaya make sarung di tiung)
- Anton : Anakna Juragan, bangor, bedegong, ngalawan, pamake narkoba (make baju kaos calana jins bolong-bolong make kalung rante rambut jabrig)
- Euis Kabogohna Anton, bohay, jendil. (make calana pendek/boxser, make baju kaos, make bondujeng kaca mata hideung)
Property :
- Brangkas (tempat uang )
- Map 4
- Asesoris (gelang kalung cincin)
- Suntikan
- Gayung
Narator : Dicaritakeun hiji kaluarga anu bagja jeung beunghar, anu geus kasohor sakampung Kondang. Di sebutna ge Juragan Embe ku sabab manehna ngagaduhan paternakan Embe nu pang lobana sakampung Kondang eta. Nanging kaluarga eta teh koretna menta ampun, boro-boro keur mere batur, kanggo dahar sorangana oge mani medit keked mengkene merengkel jahe ka dulur-dulurna. Kusabab sifatna anu medit jeng agul ka batur, Gusti Allah ge teu sungkan masihan musibah ka kaluarga Si Juragan Embe. Dina hiji poe si Juragan keur ngobrol jeng pamajikana anu sarua medit jeng agulna bari jalan-jalan sore kaleresan papendak sareng si Ema anu masih dulur keneh jeng Juragan, teras ker lempang ripuh bari jeng rusuh.
Adegan 1
Juragan jeng Nyai asup ka panggung (si nyai mawa hihid bari jeng gutak gitek, si juragan lempang bari nulak cangkeng)
Juragang : Nyai... cik atuh lempang teh tong ngageyol wae, ngerakeun tuh loba nu nempokeun, piraku pamajikan juragan lempangna siga domba karak ngajuru.
Nyai : Yeh.. atuh si bapa mah ieu teh pan gaya, sugan weh aya sutradara ngalewat terus nyai jadi artis panyanyi dangdut.
Juragan : Naon panyanyi dangdut...teu usum eta mah, usum oge ayeunamah lagu Ganggang Setir.(bari nganyontohkeun jogedanana)
Nyai : Yeh si bapa.. Gangnam Style merent, lain ganggang setir, kamseupay iyyuh ah.
Juragan : He.eh atuh kumaha nyai weh kamseupil..!!
Tikajauhan katingal aya si Ema lempang gurunggusuh nyamperkeun juragan jeng nyai anu ker asik ngobrol.
Ema : Punten juragan, nyai.
Juragan : Euleuh..euleuh..aya naont si ema teh lempangna mani gurunggusuh kitu..! (bari nyentak)
Ema : Hapunten juragan.. anu..euuhh...
Nyai : Anu..anu naon sih Ema teh, teu puguh ah.. hayuh ah pa urang balik weh geus burit barina oge teu penting nguruskeun jelma dekil jeng miskin. (bari ngagandeng lengeun juragan)
Juragan : He.eh hayu ah
Nembe ge rek ninggalkeun si Ema kaburu ngahadang Juragan jeng Nyai nu rek lempang.
Ema : Joko... maneh teh kitu-kitu teuink ka dulur sorangan. Indung maneh teh ges nitipkeun maneh ka Ema, ema teh ges nguruskeun maneh ti ker letik keneh nepikeun ayeuna maneh jadi juragan, tapi naon balesan maneh Joko (bari jeung ceurik)
Juragan : Naon sih ma,, Oh.. jadi ema teh teu ikhlas ngurusken aing ti letik?
Ema : Joko...!!! (bari ceurik)
Juragan : Geus tong ceurik ayeuna mah ema rek menta naon? Heuuh... ges ka tebak ieu mah, pasti rek menta duit lain ? (bari rada nyentak)
Ema : Joko bantuan ema joko,, ema bener-bener tos te boga duit kangge meser beras, kalapa ema anu biaasana di jadikeun usaha dagang aya nu nyokot nepikeun ka ludes weh panyesa hiji-hiji acan, anak ema si jaka ponakan maneh can ngirim-ngirim tos 5 bulan, ema menta bantuana ti maneh joko. Da ka saha deui ema bisa ngadu peperih ema joko. (bari jeung melas)
Nyai : Yeh.. naon eta mah urusan ema lain urusan kami,, (nadana tinggi)
Juragan : Ken weh nyi,, ker curhat meren.. Hahaha. Yeuh ku sabab urang karunya ka ema urang bere duit( ngodok kantong ngaluarkeun duit gope-an koin) tah jang ker ema meli beras (duitna di pasihkeun ka panangan ema anu ges nampanan)
Nyai : (nyengir sinis) heuu... hayu ah pa urang balik.
Juragan jeng nyai lempang balik ka imahna, sedengkeun ema masih cicing dina jalan bari ningali duit gope-an anu di cekelna. Bari jeng ceurik dina hate ema ngadoa.
Ema : Duh...Gusti hampurakeun dosa juragan Joko sareng Nyai Minah, sadarkeun aranjeuna Gusti yen hartana teh ngan saukur titipan ti Gusti.
Si Ema teras lempang balik ka imahna (kaluar panggung)
Adegan 2
Narator : Di harep gerbang imahna juragan Joko jol si Anton datang bari lempangna sempoyongan siganu ges ngaleguk cai nu ceunah bisa ngajadikeun sirah puyeng bari ngalayang jeng numbuhkeun rasa happy (ceunah) . Nanging si Anton datangna teu sorangan tapi bari di rendeng ku awewe geulis jeng bohay.
Anton : Hahahaha.... poe ayeuna aing gumbiraaaaaaaaaa......Hahahahaa (ngomongna teu puguh)
Euis : Yeh..si akang teh, mabokna parah ieu mah..
Tok..tok..tok..
Euis : Spadaaa.. yahuuu... misii...
Teu lila si juragan ngabuka panto, langsung molohok bari jeng neleg ciduh nempokeun si Euis anu ker eta make calana pondok baju letik jeng buuk di rumbaikeun.
Nyai : Saha pa....? ( nyai nyamperkeun ka juragan). Euleuhh..euleuhh... si bapa nya.. mani molohok kitu nempokeun awewe eta.. Heh saha maneh gning bisa jeng si Anton terus eta kunaon dai si Anton?
Euis : Eh...punten bu...Euis teh kabogohna si Anton, tadi si Anton nginumna seueur teuing jadi weh mabok. Nya ntos atuh bu pa Euis bade uih hela tos peuting.
Juragan : Teu mampir heula neng?
Nyai : Ihhh...bapa...( bari ngajiwir ceulina)
Juragan : Hadaaawwwwwww.... nyeri atuh nyai... boga pamajikan teh siga singa aing mah
Nyai : Hah.. naon bapa ? (mulintirna rada kenceng)
Juragan : henteu-henteu...boga pamajikan teh geulisna kabina-bina..hehee
Nyai : Karak nyadarnya (gumeulis bari ngalepas ceuli si juragan)
Juragan : Heh Anton Ku naun maneh mabok dai hah..? teu bosen unggal poe mabok wae..? sok ngerakeun kolot wae maneh mah. Nyaho teu sih, yeuh bapa teh juragan embe di dieu, juragan pang sugih-sugihna.. duit loba pabalatak,,, warga kampung ge nyahoeun yen bapa teh juragan embe, cik atuh maneh teh tong sok ngerakeun ngaran bapa jeng indung maneh..yeuhh nyak..
karak ge rek ngalanjutkeun pidato tapi si Anton malah ninggalkeun bapana nu ker pidato
Juragan : Euleuh..euleuh.. eta budak, kolot ker mapatahan malah di tinggalkeun
Nyai : Lain mapatahan eta mah borokoko tapi khutbah,, mending ka masjid weh kaditu ah, kami makh rek sare ( ninggalkeun si Juragan kaluar panggung)
Juragan : Euleuuh... indung jeng anak sarua ontohodna ahh,, dasar si borokokok... Nyai atuh tungguan urang ngajieun anak nu anyarr deui hayu.. (gogorowokan bari gurung gusuh kaluar panggung)
Nyai : Mbung ah.. (ngagorowok ti luar panggung).
Adegan 3
Narator : Di kamar si Anton langsung ngarebahkeun awakna nu geus leules jeng puyeng gara-gara mabok, teras si Anton kaingetan ku pesen rerencangana di tempat tongkrongana, si Anton langsung kaluar ti kamarna teras manehna nyokot harta banda milik indung jeng bapana, nepikeun duit anu aya di brangkas nu bapana, di cokot ku manehna kabeh. Langsung manehna nelepon rerencangana anu tos di janjikeun ker manehna nongkrong bari jeng mabok
Anton : (bari nyekelan hape) Woyy...maneh ker dimana? Aing ges aya yeuh duit, ayeuna langsung dikirmnya nya ka imah aing, buruan bisi kolot aing kaburu hudang! (anton lempang kaluar panggung mawa brangkas jeng harta banda sejena)
Narator : Ges sajam, akhirna si Anton asup deui ka imah bari jeung ngaluarkeun jarum suntik anu mirip siga suntikan nu aya di rumah sakit, ngan bae suntikan ieu lain suntikan ker nu biasa di rumah sakit, suntikan ieu biasa di pake ker nyuntikeun obat-obatan nu tos jelas-jelas di larang dina agama. Anton langsung nyuntikeun suntikan eta ka panangana. Anton ngarasakeun teu enak, awakna gemeteran, matana beureum jeung molotot, kusabab teu kuat, Anton ngagolepak ka teras bari ngabudah nu kaluar ti bahamna.
Isukna kaayaan imah si Juragan Embe teh ges rusuh, kusabab ngarasa imahna kamalingan.
Nyai : Bapa...........bapaaaaa.............!!!
Juragan : Naon sih nyai tehh..isuk-isuk ges gogorowokan wae... bapa ker mandi yeuhh,, nepikeun mawa gayung kawass kieu..aya naon sih?
Nyai : Bapa.. imah urang teh ka malingan bapa, tempo naha brangkas bapa, perhiasan nyai, surat tanah, surat imah, surat embe ge areuweh kabeh, lengit bapa, leungit (bari jeng riweuh)
Juragan : Ah.. piraku nyai.. sing benerr nyai mah? Tong heureuy ahh teu resep yeuh teu resep yeuh (bari jeng ocon)
Nyai : Ihh bapa benran atuh, manya nyai ngabohong..(rada kesel)
Juragan : Berarti bapa kudu gogorowok maling kitu beh malingna insaf?
Nyai : Ah.. bapa... (bari ngincig ka harep lawang panto).. astagfirullah..Bapaa....bapaaa!!!!!!!!
Juragan : Naon deui sih...Hah (kaget) Anton..!!!!!!!
Nyai : Bapa... anak urang hiji-hijana paeh bapa.. (bari jeung ceurik bari ngamangku sirah anakna)
Juragan : Nyai....(ngabelai sirahna nyai) Duh Gusti... hampura abdi sakulawargi Gusti..(bari ceurik)
*TAMAT*